Blog - Riyadoh Miftahul Huda

Rosululloh SAW parantos ngadawuh:

(عن المقدام بن معدي كرب اَنَّ رَسُولَ الله صلى الله عليه وسلم قال: مَا مَلاَءَ اَدَمِيُّ وِعَاءَ شَرًّا مِنْ بَطْنِهِ, بِحَسْبِ ابْنِ اَدَمَ لُقَيْمَةٌ يُقِمْنَ صُلْبَهُ فَاِنْ كَانَ لاَمحَاَلةَ فَاعِلًا فَثُلُثٌ لِطَعَامِه وثُلُثٌ لِشَرَا بِه وثُلُثٌ لِنَفَسِهِ   (رواه الترمذى وابن حبان

“Jalma henteu minuhan kana hiji wadah anu leuwih goreng tibatan beuteungna, cukup pikeun jalma sababaraha huap leutik, anu matak ngajegkeun kana tonggongna, lamun teu sanggup migawe eta, maka sapertilu peujit jadikeun pikeun wadah dahareun, sapertiluna deui jang wadah inuman, nu sapertilu deui kosongkeun jang ruang nafas.”

Ieu hadits ngajelaskeun kamanfa’atan dina nyaeutikeun barang dahar, oge nyacad kana seubeuhna barang dahar, sabab dina seubeuhna barang dahar, aya sababaraha panca bahaya anu kena kana awak manusa, jeung bahaya pikeun kahirupan agama.

Syeikh Zaenuddin almalebary dina kitab kifayatul atqiya nyaurkeun “aya genep panca bahaya nu ditimbulkeun tina gara-gara seubeuh barang dahar:

1. Matak beurat awak.

2. Matak teuas hate.

3. Matak leungit kacerdasan.

4. Lemah awak pikeun ngalakukeun ibadah jeung nyuprih elmu.

5. Matak loba sare.

6. Matak nguatan kana syahwat jeung ngabantu balad tentara setan”.

© Pesantren Miftahul Huda 2015. All Rights Reserved.
Manonjaya - Kab. Tasikmalaya