Blog - Riyadoh Miftahul Huda

Riadhoh Malem Kamis KH. Abdul Aziz Affandy

Waspada Diri Tina Anu Ngaganggu Rasa Ngamulyakeun Ka Alloh

Alloh marentah ka urang supaya ngalaksanakeun parentah Alloh, sabab Alloh anu marentah dina waktu sajero hirup di dunya. Alloh ngancam ka urang, lamun anu dipigawe lain pedah Alloh anu marentah, lawang langit moal kabuka, surga moal kaasupan. Kalolobaan urang teu ngalaksanakeun parentah teh ku pedah urang mangeran deui kasalian Alloh leuwih ngagugu ka salian Alloh leuwih ngamulyakeun ka salian Alloh.

PENJELASAN.

Dawuh Alloh dina al-Quran surat ar-Rum ayat 30:

فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا ۚ فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا ۚ لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللَّهِ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَٰكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ

Dina ayat 40 surat al-A’rof Alloh :

إِنَّ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَاسْتَكْبَرُوا عَنْهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمْ أَبْوَابُ السَّمَاءِ وَلَا يَدْخُلُوونَ الْجَنَّةَ حَتَّىٰ يَلِجَ الْجَمَلُ فِي سَمِّ الْخِيَاطِ ۚ وَكَذَٰلِكَ نَجْزِي الْمُجْرِمِينَ

Dasar urang dihirupkeun ku Alloh ayeuna di dunya, prinsip urang hirup di alam dunya anu ayeuna parantos ditangtukeun ku Alloh. Hirup di alam dunya jeung sosial masing-masing. Tangtu petani jeung dunia pertanianana, pedagang jeung sakabeh kagiatan dagangannana, pejabat jeung sagala tugasna.

(اللَّهُ خَالِقُ كُلِّ شَيْءٍ وَهُوَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيلٌ " (الزمر‏:62)

“Teu aya hiji perkara anu diluar katangtuan Alloh, Alloh anu ngadamel kana sagala hal".

Aya sababaraha model kahirupan kelompok manusa, sadayana oge Alloh anu ngadamel termasuk kana فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا ۚ . Manusa anu interaksi dina ekonomi, politik, pertanian, sebagai mahkluk sosial, budaya anu beda-beda, adat anu macem-macem eta teh kahirupan anu ku Alloh ditangtukeun. Maka فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا ۚ , Sadayana henteu aya anu henteu katepi ku parentah dasar hirup eta.

Saorang Pajabat, ku jabatanana kudu jadi pendorong kayakinan diri ka Alloh, jabatan kudu jadi pangdorong pikeun diri ningkatkeun kualitas dipayuneun Alloh. Anu dagang, ekonomi dagangna oge kudu jadi pangdorong pikeun diri, jadi manusa anu berkualitas dipayuneun Alloh. Nyakitu deui patani , TNI, polisi, kiyai, santri sadayana ge sami.

Kagiatan, kabiasaan kelompok naon bae anu melekat ka diri urang, sadayana dasar parentah ti Alloh. Kudu diperlakukeun bener, anu imbasna ka diri leuwih cenderung dengdek kana agamana Alloh, leuwih milih kana kayakinan dirina ka Alloh. Tangtu sebuah kayakinan teh awal manusa bersikap. Sebuah keyakinan bisa terbukti tina sikap jeung prilakuna, lamun omongan teu akur jeung buktina berarti bohong. Naon anu diucapkeun, naon anu ditekadkeun, kudu akur jeung naon anu dilakukeun, anu kitu ngarana bener. Lamun teu kitu, bohong ngarana.

Contoh, jalma ngarekeun kuring sieun ku hileud eta acan bukt. Bere hileud, lamun dibere hileud lumpat maka bener jalma etan sieun ku hileud. Tapi lamun ngomong nyebut sieun ku hileud, dibere hileud malah di oprek, eta mah omongannana bohong.

Alloh pangeran, anu ngayakeun, anu marentah, anu ngalarang maka فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا ۚ sagala sikap jeung prilaku kudu menang sumber tidinya. Kupedah mangeran ka Alloh, ku pedah Alloh anu marentah, kuring migawe pedah diparentah. Kulantaran Alloh anu ngalarang, kuring henteu migawe kupedah dilarang ku Alloh.

Contoh puasa bener-bener mangrupakeun mutaba’ah ka Rosul lain hayang begang. Puasa mutlak ibadah ka Alloh lain nyingkahan tina panyakit.

Tangtu dina suroh Yunus ayat 58, Alloh ngadawuh:

(قُلْ بِفَضْلِ اللَّهِ وَبِرَحْمَتِهِ فَبِذَلِكَ فَلْيَفْرَحُوا هُوَ خَيْرٌ مِمَّا يَجْمَعُونَ (58

Saur Ibnu Athoilah jalma anu geus konstan dina ngalaksanakeun hirupna teh aya dina kaayaan kupedah parentah jeung larangan, maka teu aya kabahagiaan anu sejen, puncak kabahagiaan, kasuksesan hirup justru datang dina nalika proses diri keur ngalaksanekeun parentah, dina proses diri keur ngahindar dina anu dicarek ku Alloh, eta kabahagiaan anu paling utama jang urang anu mangeran ka Alloh, anu yakin Alloh pangeran, anu yakin Alloh marentah, Alloh teh anu ngalarang.

Anu jadi masalah nyaeta saeutik manusa anu bisa hirup model kitu, lolobana mah kaluar tina katangtuan eta. Make tiung kupedah nutupan aib dina sirah, puasa kupedah hayang bebas tina kolestrol nurunken lemak. Loba parentah Alloh anu dilakukeun tapi lain kupedah Alloh anu marentah. Loba ngahindar tina anu dicarek ku Alloh tapi prinsipna lain kupedah Alloh anu ngalarang. Naon sababna? وَهُم مُّشْرِكُونَ lolobana manusa didinya kajebak, hirup dikomando lain kuparentah jeung larangan. Saha anu ngomando? Nya tangtu lamun lain Alloh, emosi jeung syetan anu ngomandona.

Saperti urang geus uninga sadayana, bahwa komando anu ngalaksanakeun parentah leungeun jeung suku urang, anu marentah urang usik, anu marentah urang ngeksekusi teh sabab Alloh anu marentah, lain asumsi pamikiran anu kadorong emosi. Sedengkeun aya warning ti Alloh

إِنَّ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَاسْتَكْبَرُوا عَنْهَا

“Manusa anu sombong, sombong ngarasa leuwih mampu tibatan Alloh, buktina leuwih alus ninggalkeun Alloh sabab keur ngalaksanakeun gagasan anu keur dipikiran sorangan, sombong dipayuneun Alloh.”

Alloh ngagero tuluy ngabaikeun panggero Alloh sabab embung diganggu da keur enjoy jeung naon anu aya dina pikirannana. Jauh ninggalkeun Alloh sabab ngungudag asumsi pamikiran, mangkat ninggalkeun pangeran sabab leuwih kaharti keneh anu aya dina pikiran dirina.

Nah jalma anu model kitu:

1. Didunyana moal terbuka kahirupan anu nyata pikeun dirina.

Dimana wae cicing bakal jadi manusa anu keur ngarantau, dinu caang bakal ngarasa poek, dina poek bakal ngarasa caang, batur tiris manehna hareudang, batur hareudang manehna tiris, dunia henteu bisa dinikmati kudirina.

Ongkoh nafas kaluar-kajero tapi teu ngemplong kana dadana, nafas mah dikaluarkeun-dikajerokeun tapi henteu matak cukup oksigen anu dibutuhkeun ku jantungna, eungap we karasana. Maka hirupna terombang-ambing naon anu dipimilik ku dirina. Sakabeh anu dipimilik heunteu jadi sumber kabahagiaan malah jadi sumber beban pikeun dirina. Dibere duit beurat teu bisa usik sabab beurat kuduitna. Dibere jabatan teu bisa migawe anu sejen, sabab ngarasa beurat kujabatannana. Katindes ku kahirupan dunya. Dunya anu kuduna ditumpakan, pikeun jalma nu kitu mah malah dipapanggul.

2. Surga lain jang manusa anu model kitu.

Kudu bungah manusa anu ku Alloh ditempatkeun jadi manusa anu tukang imtisal jeung ijtinab, terserah naha eta dorongan sanubari atawa dorongan jalma sejen, naha aya dina kaayaan kapaksa atawa lain kupedah kapaksa.

Kuhal sakitu, anu kudu diwaspadai jeung anu perlu dicermati ku urang nyaeta jaga, waspadai diri bisi leuwih ngamulyakeun diri tinimbang Alloh, leuwih ngagugu ka diri dari pada ka Alloh, leuwih ngahargaan diri dari pada ngamulyakeun Alloh. Manusa loba keneh anu kitu dari pada ngarasa dirina jadi hamba anu hina dipayuneun Alloh.

Mudah-mudahan nasehat Ibnu Athoilah intina kabahagiaan anu sejati, abadi jeung nyata nyaeta manusa anu keur ngalaksanakeun parentah kupedah diparentah ku Alloh, jalma anu ninggalkeun larangan kupedah dilarang ku Alloh lain kupedah anu sejen. Dimana manusa geus wani ngalakukeun hiji perkara nepi ka ninggalkeun parentah Alloh kupedah enjoy keur ngalaksanakeun parentah pribadina, maka ancaman Alloh di dunya-na langit moal kabuka, dina harti moal meunang kahirupan anu bungah di dunya-na, diakherat surga teu bisa diasupan kujalma model kitu.


Notulen: Arul,