riyadhoh malam kemis KH. Khoeruman Azam

Modal Amal Ditampi Dipayuneun Allah

Petunjuk ti Kanjeng Rosululloh saw, anu eusina supaya amal lulus di tampi ku Gusti Allah aya 8:

1. Ulah sok daek ngupat batur (ngomongkeun kagorengan batur)

2. Motifna ulah hayang embel-embel dunia

3. Ulah takabur

4. Ulah uzub ku amal

5. Ulah hasud

6. Kudu asih kamanusa

7. Ulam sum’ah (hayang kamashur tukang amal)

8. Kudu karena Allah, ulah karena makhluk. Ngarasa butuh ku Allah lain ku mahkluk.

PENJELASAN

Saba’da pupus Kangjeng Rosulullah saw, sahabat Mu’adz disuhunkeun ku Kholid bin Ma’dan supados nyaurkeun hadits anu katampi ti Kangjeng Rosulullah saw.

حدسني حديسا سمعته من رسول الله

”Sahabat Mu’adz mugi salira nyaurkeun hadits anu tos kadangu ku pangersa ti kangjeung Rosul, anjeun anu parantos hapal hadits, anjeun anu sok tukang nyaurkeun hadits saban dinten”. kusahabat Mu’adz disanggeman”.

Teu acan oge nyaurkeun hadis sahabat Mu’ad anjeuna nangis, lami nangisna. Ditaros "kunaon sahabat Mu’adz, pangersa kalah nangis?". waler Mua’dz ”Kaula teh kangeun ka Rosulullah saw, tekuat kaula hoyong tepang sareng anjeuna. Kaula inget dina hiji waktu lumaku, kaula sareng kangjeung Rosul sakendaraan. Kaula dibonceng tukangeun anjeuna, anjeuna anu ngabonceng kaula. Ditengah perjalanan anjeuna ningali kalangit teras ngadawuh”

الحمد لله الذ يقضي في خلقه من يشاء

“Allhamdulillah anjeuna anu parantos maparin sakersaning anjeuna, naon wae anugrah anu katarima ku mahlukna”.

Disambut ku sahabat Mu’adz “leres hey dunungan sadaya para utusan”. Rosul ngadawuh “sahabat Mu’adz, kaula rek nyaritakeun hadis ka anjeun. Lamun seg anjeun apal kana eta hadis, hadis bakal manfaat pikeun anjeun. Ngan lamun anjeun ngamomorekeun, bakal putus anjeun, lengiteun hujah (dalil) dipayunen Allah”

يا معاذ ان الله تبارك وتعال خلق سبعة املاك قبل ان يخلق والسماوات والارض

“Mu’adz, Allah ngadamel tujuh malaikat samemeh diciptakeun langit jeung bumi. Ieu anu tujuh mawa tugas ti Allah pikeun jadi juru kunci, ngajaga dina pintuna eta langit. Tiap-tiap pintu langit anu tujuh aya juru kuncina (malaikat)”.

قتصعد الحفضة

Malaikat Hafadoh anu tugasna ngajaga amal hamba, nuliskeun amal manusa yakni karomulkaatibun. Malaikat Hafadoh sok mawa amal hamba, dibawa ka langit. Amal harian manusa ditulis dilaporkeun ka Allah melewati langit anu tujuh. Dibawa amalna eta hamba, eta amal ngandung cahaya, sinarna sumirat saperti cahayana panon poe. Nalika tepi kana langit dunia (langit kahiji), eta malaikat Hafadoh bangga ka si hamba anu loba amalna. Na ari tepi kana pintu langit ka hiji malaikat juru kunci nyarita ka malaikat Hafadoh:

اضربوا بهذالعمل وجه صاحبه

"Hey malaikat Hafadoh tenggelkeun ku eta amal kana benget anu ngalakukeuna eta amal.

"Yeuh kaula ditugas ku Allah purah mengawasi, naluntik bisi manehanana hamba anu rek dilaporkeun teh sok ngupat. Sok daeuk ngomongkeun kagorenghan batur diharepeun batur. Tah eta sihamba, teu lepas tina panitenan kaula. Moal bisa ngaliwatan kaula, da manehna sok daek laku ngupat ka baturna”. Gagal murag atuh amal sihamba teh di langit kahiji, teu bisa nobros.

Kemudian di lain waktu, aya amal hamba anu bisa melewati langit kahiji da tara ngupat. Amal solehna di bawa ku malaikat Hafadoh rek dilaporkeun ka gustri Allah. Eta amal solehna loba, malaikat Hafadoh ngarasa bangga. Na ari teupi kalangit kadua, juru kunci malaikat langit ka dua nyarita “Hey malaikat Hafadoh cicing, anjeun moal bisa ngalangsungkeun perjalanan anjeun menuju Ilahi mawa amal eta hamba. Balikta tenggelkeun eta amal kana benget anu ngalakukeunana. Yeuh kaula geus naluntik nga analisa, manehanana amal teh hayang kasenganan dunia, moal ditarima ku Allah, tong ditaeukeun eta amal”. Balikta eta malaikat kalah ngalaknat ka jalma anu motif amalna karena dunia lain karena aherat, hayang kasengan kabagjaan dunia, ku amalna dipake meli dunia.

Di lain waktu malaikat Hafadoh mawa amal hamba, anu geus lulus bisa lewat langit ka hiji jeung bisa lewat langit ka dua. Tuluy naik, rek menerobos langit ka tilu mawa amal hamba nyatana amal sodaqohna, puasana jeung loba tina pirang-pirang kahadean. Malaikat ngarasa bangga ku loba amalna, diriksa ku malaikat eta amalna, tuluy rek mentas ka langit katilu. Menjelang masuk pintu, malaikat juru kunci langit ka tilu sumanggem “hey Hafadoh cicing anjeun, temenang anjeun ngalangsungkeun menuju Allah. Tenggelkeun eta amal kana benget anu ngalakukeunana. Kaulateh dikawasakeun pikeun naluntik ka jalma anu loba bedegong takaburna jeung papada kaula, oge jeung papada manusa. Anjeun moal bisa ngaliwatan ka kami. Yeuh eta si hambateh dina riung jeung pada baturna sok gumede, manehanana sok adigung, sombong, takabur”. Atuh malaikat teu bisa ngalangsungkeun perjalanana mawa amal eta hamba menuju Allah.

Kemudian di lain waktu, amal hamba Aya anu lulus bisa menerobos langit ka tilu. Tuluy rek ngalangsungkeun ka Allah menerobos langit anu ka opat. Eta si hamba istuning amalna lir ibarat bentang jeung lir ibarat planet anu bersinar, da manehanana tukang maca tasbih ka Allah getol puasana, rajin solatna, ibadah haji jeung umroh. Begitu sampai kana langit ka opat, di pintu langit ka opat malaikat anu ditugas ku Allah nyetop ka eta malaikat Hafadoh “Tenggelkeun eta amal kana benget anu ngalakukeunana. Kaula anu dikawasakeun pikeun naluntik, bisi eta hamba ujub dina amalna (ngarasa hade), ngarasa manehanana rek menang surgana Allah. Kaula di tugas, ternyata eta sihamba. dimana amal ujub nyeleket asup dina hatena eta si hamba”. Atuh malaikat Hafadoh teu bisa ngalangsungkeun eta amal.

Aya deui anu lulus bisa menerobos langit ka opat, da manehna ku amalna salamet tina ujub. Eta amal mangrupakeun papaeus kaendahan pikeun anu ngalakukeunana. Tah begitu nepi kana langit ka lima, amal si hamba anu dibawa ku malaikat Hafadoh nyaeta jihad bima’na qital, haji, umroh nyatana amalna bercahaya seperti halna cahaya panon poe. Tapi ku malaikat di stop “Anjeun tong ngalangsungkeun eta amal keur disaksikeun ka Allah. Kaula geus naluntik, manehna amal bari jeung boga hate sok hasud. Lamun batur dibere anugrah ti Allah manehna sok hasud, teu ngarasa betah ku batur narima nikmat, bahkan hatena gegerendul. Hey Mu’ad tong dilangsungkeun eta amal menuju Allah”.

Aya deui seorang hamba mulus bisa menerobos eta langit, sabab beres salamet tina hasud. Dibawa amal ku malaikat, amal cahayana anu pol sampurna, solatna anu loba, puasa haji umrohna salamet. Tapi begitu rek asup kana langit ka genep malaikat juru kunci sasauran ”Hey malaikat Hafadoh kaula shoohibu rohmat (anu ngawasa naluntik apakah manehanana aya rasa silih asih) rasa nyaah rasa asih ka manusa, ternyata manehanana eweh rasa asih kamanusa, Hafadoh tenggelkeun eta amalna. Malah lamun dibere musibah si eta hamba mehanana sok gegerendul.

Aya anu lulus tina langit ka genep rek menerobos langit ka tujuh. Hafadoh mawa amal hamba ladang nafaqohna, solatna, jihadna jeung dina ka apikan warona, malah aya sora saperti sorana gelap bari jeung caang ngaburinyah. tapi hajakal begitu sampai kana pintu langit ka tujuh juru kunci ”Anjeun ulah ngalangsungkeun eta amal hamba. kaula tukang nalutik, masalahna naha ku amal manehna hayang tenar, hayang mashur, hayang jadi buah bibir manusa, dikenal jadi jalma anu soleh, jalma anu loba amal hadena, ternyata manehanana boga panyakit sum’ah. Yeuh malaikat Hafadoh eta si jalma anu amal, ku amalnateh hayang ngajadi adzikru fil majaalis ngajadi gunam catur pembicaraan dina patempatanana, jeung hayang dipandang luhur diharepen babaturanana, malah hayang dipandang orang berkomara di harepen geugeuden. Anjeun moal bisa ngaliwatan kaula pikeun menerobos mayun ka Allah, ngalaporkeun jadi saksi eta hamba. Manehanana teu ikhlas, da manehanana ria, Allah moal narima kana amalna hamba anu ria”.

Aya anu ges lulus dina langit katujuh (nah ieu menjelang rek mayun ka Allah), ngalaporkeun amal hamba, siap malaikat ngajadi saksi Nyaksen eta si hamba dina solatna zakatna puasana hajina umrohna jeung pirang-pirang ahklah anu harade. Dijajapkeun ku malaikat, malaikat milu jajap nganter ka malaikat Hafadoh, malaikat anu tujuh ngabring, ges teu aya hahalang pikeun menuju Ilahi.

Eta malaikat Hafadoh jeung malaikat anu tujuh anjeuna caricing dipayuneun Allah. Anjeuna nyaksen kana amal anu solih di pandangna ”Ya Allah ya robi, abdi sadaya bade ngalaporkeun amalna hamba. Abdi sadaya nyaksen eta hamba amalna solih, eta hamba istuning nu ikhlas karana gusti”. Diwaler ku gusti Allah:

”Anjeunmah malaikat purah ngajaga kana amal hamba kami. kami anu naluntikna, kami anu nga analisana kanakumaha kaayaan diri hatena eta sihamba. Yeuh malaikat manehanana amal teh lain maksud ka kami, Lain maksud rek deket ka kami, lain ngajugjug kami, tapi manehanana maksudna gajugjug lianti kami. Lain butuh ku kami, tapi butuhhna ku mahluk anu salianti kami. Manehanana hente ihklas amalna kakaula. Kaulamah apal kana maksud amalna eta sihamba”.

Ku Allah diputuskeun:

“Laknat kami anu bakal katarima ku maranehana. Manehna geus nipu ka makhluk, nepika makhluk mah tebisa ngabaca kana kotoran hatena, termasuk anjeun. Eta hamba geus nipu ka aranjeun, tapi manehanana moal bisa nipu ka kaula, da kaulamah anu apal kanu goib. Kaula anu bisa nempo, anu bisa nalingakeun kana kaayaan eusi hatena. Moal aya anu samar kakaula, maol aya anu bisa nyumputkeun kana kanyaho kaula. Kaula apal kamanehanana kana perkara anu bakal bukti jeung kana perkara anu ges kaliwat, kanyahoan ku kaula. Kaula nayaho kanu tiharela saperti halna kaula nyaho kanu palaneri. Kaula nyaho kanu samar jeung kanu negrak. Rek kumaha manehanana bisa nipu ka kaula. Makhluk bisa ditipu, tapi kaula anu apal kanu goib”.

Harita keneh Allah ngadawuh “Hey malaikat laknat kami ka manehanana”. Malaikat anu tujuh malah di tambah 3000 anu ges ngajajapkeun eta amal ngajadi saksen. Ku ayana ketok ti Allah: ‘Alaihi laknati. Aranjeuna nyambut ”Nun gusti ka manehanana, laknat gusti sareng laknat ti abdi sadayana”. Ahli pirang-pirang langit nyambut “Laknat Allah jeung anu ngaralaknat katarima ku maranehanana”.

Saba’da Rosulullah nyaurkeun ‘Alaihi laknatullah walaknatul malaak. Harita sahabat Mu’ad nangis kalayan nagisna inghak-inghakan anu tarik “Nun gusti Rosul, bade kumaha salametna abdi tina naon anu disaurkeun ku dampal gusti. Abdi ngarasa risih kana anu didawuhkeun ku dampal gusti. Mana jalan kanggo kasalmetan abdi, naon kanggo jalan pisalameten abdi?”.

Rosul ngawaler “Ya Mu’adz tuturkeun nabi anjeun dina kayakinan”. Mu’adz ngawaler “Gusti teh utusan Allah, gusti diriksa tina sadaya dosa. Abdi teh Mu’adz bin jabal, manusa biasa. Abdimah teu dijamin diriksa ku Allah tina dosa, bade kumaha pikeun abdi tiasa salametna sareng aya dina ikhlas”.

Nabi ngawaler:

”Ya Mu’adz lamun anjeun amal teh, tetela teu lalawora. Pepejeuh perhatikeun putuskeun lisan anjeun, ulah wani ngomongkeun tina tumiba anu matak pikaperiheun di manusa. Tegesna tina ngupat, tina nyarekan batur, sing bisa ngerem diri. Malah kudu lewih diperhatikeun terutama ulah neupika daek ngupat nyarekan ti jalma anu katalar quran, etamah anu dimulyakeun ku Allah. Naon kalamullah anu didawuhkeun ku Allah ngancik ngampih dina hatena. Balikta Mu’adz nyarekanmah ka diri sorangan. Ngupatmah kana kagorengan sorangan. Sing bisa maca tina kacacadan diri anjeun. Ulah sok anjeun ngarasa bersih, nganggap bersih kana diri anjeun neupika daeuk nyacad ka dulur anjeun. Ulah nepika anjeun ngaluhurkeun diri bari mepeyeh batur. Rendahkeun mah balikta diri sorangan. Pepejeuh amal ulah ria, ulah malar hayang dikenal ku manusa. Pepejeuh anjeun ulah rek asup dina lautan dunia, kusabab anjeun ahirna mopohokeun kana urusan aherat. Ulah rek berkecimpung dina urusan dunia anu matak mohokeun kana urusan aherat. Mu’adz ulah sok haharewosan ngomong ka hiji lalaki bari deketen manehteh aya lalaki anu sejen, anu teu dibawa ngobrol, etateh matak periheun hatena. Ulah sok ngarasa agung diri ngelehkeun kanu sejeun. Lamun anjeun boga hate kitu, bakal putus kaalusan dunia jeung ahirat. Jeung anjeun ulah sok gawe goreng dina tempat diuk anjeun anu matak picacadeun, pi’aebeun ku omongan jeung ku lampah, dihawatirkeun ahirna anjeun bakal jadi goreng ahklak. Jeung anjeun ulah sok ngagonggorokan lamun barang bere kabatur, tuluy di gonggorokan, kituteh ulah. Yeuh ulah sok mepejet batur, ulah sok anjeun mepeye batur ku lisan anjeun. Lamun anjeun mepejet batur, bakal mepejet ka anjeun anjing jahanam , bakal dipepejet danging anjeun dicabutan tina tulang”.

Sahabat Mu’adz ngajerit “Ya Rosulullah saha jalmana anu pimampueun berupaya dina ieu pirang-pirang perkara, anu sangkan mulus rahayu salamet amalna ditampi ku Allah. Abdi ngaraos te sanggem?”. Rosul ngawaler:

“Ya Mu’adz sing gede hate, naon anu ges dicaritakeun ku kaula etateh gampang. Gampangeun pikeun jalma anu dibere kagampangan ku Allah. Yeuh cukup ka anjeun modalna supaya hayang kana naon anu geus disipatan ku kaula: Anjeun sing kudu resep ka diri batur saperti anjeun mikaresep ka diri sorangan. Anjeun lamun arek nyacad batur, cacad heula diri sorangan. naon anu dihawatirkeun ka diri, sing ngarasa hawatir ka diri batur. Tah dimana anjeun boga bebekelan kunu bieu maka bakal salamet anjeun”.

Nah ieu dawuhan kangjeung Rosulullah anu katampi ku sohabat Mu’adz manfaatna bekel pikeun urang sadaya. Amal ditampi ku gusti Allah, ulah neupika amal ditolak ku gusti Allah. Maka modalna sakumaha anu tadi. Justru kudu amal mutlak karena Allah, baru eta amal bakal lulus mulus rahayu, Cape bakal katarima. Ngan lamun teu kitu cape gawe teu katarima, rugi naudzubillah.


Notulen: Arul


Cetak   E-mail