riyadoh malam kamis Kh.Abdul Aziz Affandy

Cacad Iman Hasil Suudzon Ka Pangeran.

Alloh maparin kahirupan anu tentrem di dunya jeung akherat, pikeun jalma anu boga kasieun ku siksa Alloh jeung anu salawasna nyiapkeun diri pikeun ngabela agama Alloh. Bukti manusa sieun ku Alloh, dicoba ngalangkungan di engkekeun ijabah tina anu akur jeung pamentana. Kusabab kitu, perhatikeun diri disaat harepan teu daek datang, kahayang can bae bukti.

PENJELASAN

Surat ibrohim ayat 13-14 dawuh Allah:

وَقَالَ الَّذِينَ كَفَرُوا لِرُسُلِهِمْ لَنُخْرِجَنَّكُم مِّنْ أَرْضِنَا أَوْ لَتَعُودُنَّ فِي مِلَّتِنَا ۖ فَأَوْحَىٰ إِلَيْهِمْ رَبُّهُمْ لَنُهْلِكَنَّ الظَّالِمِينَ (13) وَلَنُسْكِنَنَّكُمُ الْأَرْضَ مِن بَعْدِهِمْ ۚ ذَٰلِكَ لِمَنْ خَافَ مَقَامِي وَخَافَ وَعِيدِ (14

Katentreman hirup di alam dunya didawuhkeun ku Alloh ka para Rosul bakal jeung pasti dipaparinkeun ku Alloh. Piken jalma anu dzolim mah bakal dihancurkeun, jang jalma anu Mu'min bakal dibere katentreman, lamun:

1. Anu satiap saat dirina siap ngalaksaknakeun parentah.

2. Anu sieun ku siksa jeung hayang ku surgana Alloh.

Kahancuran jeung kasuksesan kahirupan Alloh anu ngatur pikeun jalma anu ngabogaan tingkat iman. Tingkat kayakinan dirina ka Alloh ngalahirkeun cinta jeung sieun ka Alloh. Faham, ngarti, ngarasa yen Alloh teh aya. Buah ngayakinkeun Alloh aya tumbuhna rasa cinta jeung tumbuhna rasa sieun ku Alloh. Manusa bakal dibere kahirupan anu sampurna, kahirupan anu tentrem ayem, gemah ripah jang jalma anu ngabogaan kaimanan sahingga kualitas iman lahir dina dirina. Sieun ku siksana oge kabita ku janjina.

Manusa anu nomer kadua anu diantarana bakal menang kahirupan tentrem nyaeta manusa anu iman, teu pernah eren nyiapkeun dirina ngabela kana parentahna Alloh. Nah dua manusa ieu anu bakal menang kahirupan, katentreman, katenangan, kasenangan, kasejukan, kaharmonisan di alam dunia.

Syekh Ibnu Athoilah anjeuna sasauran terkait nilai manusa anu satiap waktu nyiapkeun diri pikeun ngalaksanakeun parentah jeung manusa anu sieun ku siksana Alloh, anu hayang ku kani'matan ti Alloh. Maka manusa eta osok dibere cobaan. Diantara cobaanana nyaeta:

1. Harapan jeung tujuan sok dipanderikeun dina waktuna.

2. Dicoba ku perkara anu mana perkara eta aya anu can nepi, kurang atawa can ditarima.

Misalna: Lamun butuh duit 5jt, dibere ngan 4jt, 1jt deui teu daek datang.

Alloh henteu eren-eren masihan cobaan pikeun manusa. Ku cara naon? Harepanana dipending (dieungkekeun, henteu langsung eta harepan anu sesuai jeung harepanana dipaparinkeun). Lain teu diijabah da Alloh mah pasti ngaijabah.

وَقَالَ رَبُّكُمُ ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ

“Moal aya do’a anu teu diijabah.”(Q.S.Ghafir:60).

Tapi dalam tanda kutip anu sesuai jeung harepanana. Kadang-kadang manusa menta hayang duit butuh jenis duitna, hayang pangkat butuh jenis pangkatna, hayang jabatan butuh jenis jabatanana, justru ku eta harapan anu dipentana teh anu teu dibikeun.

Urang terang bahwa do'a teh nyaeta alat komunikasi, setiap do'a pasti diijabah.

1. Ijabah kahiji nutupan dosa.

2. Ijabah diraksa tina ngalakukeun kasalahan.

3. Kifarat kana kasalahan.

4. Tambang amal bawaeun balik.

5. Anu terakhir ijabah sesuai anu diharepkeun.

Pasti sadaya do’a diijabah. Anu dimaksud diengkekeun teh nyaeta gambaran anu dipikahayangna. Kumaha kondisi manusa nalika harepanana teu dibikeun, cita-citana teu diteupikeun, kahayanagna teu dicumponan. Nah manusa didinya ngabogaan karakter:

1. Karakter manusa kudu iman jeung yakin ka Alloh.

2. Disisi anu sejen manusa ngabogaan kahayang anu kuat.

Disatu sisi manusa kudu iman ka Alloh, percaya ka Alloh, yakin Alloh anu ngaijabah, yakin ijabah Alloh nyaeta perkara anu alus. Tapi disisi anu lain manusa ngabogaaan kakuatan emosional kana harepanana. Maka muncul pamikiran-pamikiran sisi naluri kamanusiaan. Nalika harepanana teu di ebrehkeun ku Alloh, kadang manehanana aya kasalahan persepsi berpikir, aya kasalahan prasangka ka Alloh.

Alloh teu ngijabah, Alloh teu nyaah, Alloh teu dedeh, loba protes, nyalahkeun, suudzon, goreng sangka ka Alloh. Sombong dirina henteu hayang intropeksi diri naon sababna ijabah anu diharepkeun teu datang. Naluri kamanusiaan umumna sapertos kitu, dari pada nyalahkeun diri mending keneh nyalahkeun Alloh. Dari pada ngoreksi diri kajeun teuing ngoreksi Allph. Dimana-mana naluri manusa eta dilakukeun, maka ruksak penilaiaan Alloh ka diri bahwa diri teh anu sieun jeung resep ka Alloh. Kunaon sababna? Sabab aya kawani nyalahkeun Alloh dari pada nyalahkeun diri sorangan. Bahayana naon? Bahayana cacadna iman.

لا يشككنك في الوعد عدم وقوعِ الموعود . وإن تَعَيَّن زمنُه لئلا يكونَ ذلك قَدْحاً في بصيرتِكَ وإخماداً لنور سريرتك

Aya dua anu bakal lahir tina kasombongan. Ari jalma iman mah kudu yakin ka Alloh. Dari pada nyalahkeun Alloh lewih hade nyalahkeun diri sorangan. Dari pada ngoreksi Alloh, naon koreksieunana Alloh, mending ngoreksi diri sorangan.

Koreksi naon pangna harapan teu nepi?

1. Aya hal-hal anu henteu dilakukeun ku urang

2. Aya kasalahan-kasalahan anu dilakukeun ku urang, anu pada akhirna ngadatangkeun telat datangna ijabah.

3. Disisi lain harepan urang anu salah,

وَقُلْ رَبِّ أَدْخِلْنِي مُدْخَلَ صِدْقٍ وَأَخْرِجْنِي مُخْرَجَ صِدْقٍ وَاجْعَلْ لِي مِنْ لَدُنْكَ سُلْطَانًا نَصِيرًا

Dari pada nyalahkeun harepan urang, dari pada ngoreksi diri sorangan kajeun teuing ngoreksi Alloh. Nah manusa anu kitu cahayana bakal parem, martabatna bakal turun, teu tulus jadi manusa anu ngabogaan kasempatan ngamenangkeun kaistiqomahan katentreman dina hirup di alam dunia.

Padahal jang jalma anu iman mah:

1. Teangan naon faktor panyebab teu turun harepan.

2. Lamun teu aya parentah anu katinggaleun, tea aya kasalahan-kasalahan anu dilakukeun, mumkin harepan urang anu can bener mungguh Alloh.

3. Lamun ngarasa bahwa aya perkara hade anu can pernah dilakukeun, saenggalna dilakukeun.

4. Lamun aya perkara dilakukeun tapi mumpang kana parentah Alloh, saenggalna eren.

Lamun teu pernah nyieun kasalahan, sadaya persaratan ibadah dilakukeun tapi harepan teu datang bae, buru geura kontrol eta harepan jeung robah harepanana.

Sapertos manusa berharap “ya Alloh si A sing bager ka kuring. ya Alloh si B sing resep, ulah ngewaeun ka kuring”. Tapi tetep we si A teu daekeun resepen, si B malah tambah ngamusuhna. Akhirna ku Alloh dirobah eta harepanana, lain berharap si A jeung si B sina rubah, tapi “ya Alloh mangga bade kumaha wae si A jeung si B ka abdi nu penting kuatkeun jiwa abdi”.

Nu tadina harapan teh si A jeung si B hayang sina barobah ,tapi ku Alloh dirobah, salah berarti eta harepan. Barobah naon? hente berharap si A, si B sina barobah tapi hayang dibere kakuatan diri. Eta hiji conto parobahan harepan.

Tapi jang manusa anu sombong dirina, cacad jiwana, anu melempem nur cahya jiwana, eta mah embung ngoreksi diri mending keneh ngoreksi Alloh, embung nyalahkeun diri kajeun teuing nyalahkeun Alloh, eta mangrupakeun naluri manusa. Nah tesis (Tesis adalah pernyataan atau teori yang didukung oleh argumen yang dikemukakan) ieu anu dipaparinkeun ku Alloh ka satiap manusa. Sukses bener atawa henteu eta manusa anu sieun jeung resep ku Alloh, anu dua-duana ngajamin kahirupan anu tentrem. Lamun sukses maka berhasil, lamun teu sukses tentu Alloh bakal nurunkeun kahirupanana pinuh ku kanalangsaan jeung kabalangsakan. Balangsak lain berarti sagala teu boga, bisa bae sagalana lewih ti batur tapi balangsak mah teu daeukeun lengit. Manusa bisa bae harta jeung kabogana mah lewih letik bahkan miskin tapi katenanganana dibikeun ku Alloh.

Ieu mangrupikeun nasihat Syekh Ibnu Athoilah terkait kadang urang boga harapan hirup hayang tenang, tentrem, ayem. Sementara katentreman hirup langsung anu masihanana Alloh jeung Alloh ngajanjikeun bakal dibikeun katentreman dina kahirupana.

katentrema ieu di tesis ku Alloh dina suasana harepan teu daekeun datang jeung kahayang teu daekeun neupi. hasilna tina eta tesis, manusa kabagi dua:

1. Manusa anu lulus: dari pada ngoreksi Alloh kajeun ngoreksi diri. Manusa anu lulus kajeun teuing nyalahkeun kahayang dari pada nyalahkeun Allah.

2. Manusa anu teu lulus: kajeun teing ngoreksi Alloh dari pada ngoreksi diri. Bahkan kajeun teing nyalahkeun Alloh dari pada nyalahkeun diri sorangan.

Dimana urang ayana? Nu apal diri sorangan.


Notulen: Nurul Iman


Cetak   E-mail