Blog - Riyadoh Miftahul Huda

Maulid Nabi SAW & Penganugerahan Ma'had 'Aly Berprestasi

Haqiqat Kabungah

RINGKESAN: Moal eureun tina kabingung pikeun jalma anu teu ngarasa meunang Nugraha ti Alloh jeung moal eureun tina kabungah jang jalma anu manggihan Nugraha ti Alloh.

Ku hal sakitu wajib pikeun urang ngupayakeun supaya manggihan Nugraha Alloh ku naon bae carana. Di antarana sing loba ngobrolkeun dina tiap-tiap meunang ni'mat.

PENJELASAN: Dua sisi anu satiap saat moal leupas tina kahirupan urang. Kahiji perkara anu diharepkeun diri meunang kabungah terhindar tina kasusah, tina kabingung. Terserah eta mah bungah ku pibungaheun atawa kabungah tapi euweuh pibungahennana.

Sisi anu kadua anu sok datang ka urang, perkara anu dipikarempan, nyaeta kabingung. Boh bingung tina ladang pibingungeun atawa susah tina ladang pisusaheun, atawa pibingungeun susah lain tina ladang pisusaheun.

Bahkan kasusah jeung kabingung mangrupakeun bukti anu dibikeun ku Alloh, mangrupakeun siksa anu ku Alloh dipaparinkeun ka mahkluq. Bahwa Khaof (rasa sieun) iyeu mangrupakeun hiji ngaran tina jajaran siksa-siksa anu dipaparin ku Alloh; aya siksa banjir, aya siksa hujan batu, jeung sajabana. Di antara runtuyan siksa anu dipaparin ku Alloh nyaeta dibere jiwa sieun atawa teu ludeung, teu genah.

Bahwa bungah jeung susah satiap saat bisa datang ka urang, sabab duanana mangrupakeun ujian keur urang, ujian amis mun bungah, ujian pait mun susah. Tapi aya trik-trik atawa upaya-upaya bahwa paling henteu leuwih loba kasenangan katimbang kasieun jeung kabingung. Bahkan tiasa oge (da Alloh mah Kawasa) naon wae kaayaan anu nimpa ka diri, arek aya atawa teu aya, boga atawa teu boga, loba atawa saetik, lamun harta loba hartana, atawa saeutik hartana, atawa lain harta, tetep digiring jadi kani'matan. Lamun ilmu rek loba atawa saeutik tapi tetep digiring kana kani'matan.

Salah sawios hasil pangalaman para Ulama pikeun ngarahkeun supaya urang menuju kana arah kabagjaan, kabungah anu teu pernah eureun nyaeta diantawisna; moal eureun-eureun seseorang bakal ngancam dirina pinuh rasa kasieun, lamun Alloh parantos ngabalikkeun sagala sesuatu ka dirina, dikumaha-karepkeun ku Alloh.

Tiasa dibayangkeun ku ilustrasina bahwa ketika urang sumping dina hiji tempat anu urang can pati apal, can pati wawuh dina eta tempat, urang jalan bareng di eta tempat jeung jalma anu apal ka eta tempat, hayang ka cai kudu kamana? dituduhkeun, lamun sare kudu dimana? dituduhkeun, mun dahar kudu kamana? dituduhkeun. Tapi anu nuduhkeun ka urang, anu ngagaet ka urang, anu mere petunjukna nempuhkeun ka urang (leungit kitu wae), bakal kabayang kuralang-kuriling neangan, bingung kudu kamana leumpang? kamana arah? bingung naon cabakeun? naon obrolkeuneun? hayang kacai ge teu apal, hayang dahar ge kajeun lapar, sabab ditinggalkeun ku jalma anu apalna. Tapi lamun urang senantiasa dituduhkeun ku jalma anu apal, cek paribahasana sanajan eta lembur karek didatangan, bakal dibarengan ku ludeung, sanajan eta kota kakara karandapan tapi datang ka eta kota bareng jeung anu apaleun, sanajan teu apal kumaha eta kota, gang anu mana, jalan naon, kumaha budayana, bahasana, bakal tetep meunang katenangan, sabab datang jeung anu apaleun. Saperti kitu kira-kirana, rek kumaha urang teu susah, teu bingung lamun urang ku Alloh geus ditundung.

Moal eureun-eureun urang menyesali diri lamun ku Alloh geus diusir jeung diantep, "pek ayeuna mah kumaha karep maneh" geuning bingung luar biasa. Tapi ternyata teu eureun-eureun kabungah hiji jalma, urang moal eureun meunang kabungah, katenangan ketika lamun parantos nemrak dina jiwa urang, setiap saat kabageuran-kabageuran Alloh.

Alloh ngadawuh dina al-Quran surah adduha:

أَلَمۡ يَجِدۡكَ يَتِيمٗا فَ‍َٔاوَىٰ ٦

Ditingalikeun ka Nabi Muhammad SAW "Kumaha perkembangan hiji jalma yatim tapi disalametkeun ku Alloh

وَوَجَدَكَ ضَآلّٗا فَهَدَىٰ ٧

Disaat bingung jeung susah tapi menangkeun pituduh

وَوَجَدَكَ عَآئِلٗا فَأَغۡنَىٰ ٨

Dina waktu pinuh ku kamiskinan jeung kakurangan tapi ku Alloh dicukupi sahingga

فَأَمَّا ٱلۡيَتِيمَ فَلَا تَقۡهَرۡ ٩ وَأَمَّا ٱلسَّآئِلَ فَلَا تَنۡهَرۡ ١٠

Kitu gambaran jalma fakir tapi bukti bisa beunghar, jalma bodo atawa anu poek pikirannana pada meunangkeun pituduh. Tingali fakta-fakta! tingali bukti-bukti anu nyata! ternyata ku Alloh jalma anu hina nyata disalametkeun, jalma anu ditinggalkeun ku ibu-ramana nyata disalametkeun ku Alloh.

Maka dina akhir ayat

وَأَمَّا بِنِعۡمَةِ رَبِّكَ فَحَدِّثۡ ١١

Fahaddits hartina nyaeta satiap ni'mat anu katarima osok diingetkeun ku urang.

Jadi kasimpulanna hayu urang berupaya meunangkeun kabungah hirup melalui satiap sa'at urang syukuran jeung nginget-nginget kana rupa-rupa ni'mat anu tos dipasihkeun ku Alloh ka urang.